MAKANAN :
![]() |
GALENDO
Makanan ini berasal dari ampas minyak kelapa, itu memang identik dengan Ciamis dimana Ciamis merupakan salah satu penghasil kelapa terbesar di Jawa Barat. |
![]() |
SAROJA
Saroja ini |
TEMPAT SEJARAH
WISATA
![]() |
Pemandangan ini bisa kita lihat di ranca di daerah Cipeti Jl.Rancah-Cileungsir
|
![]() |
|
SENI DAERAH
![]() |
KLININGAN/PONGDUT
Kliningan atau sekarang lebih dikenal dengan nama PongDut (Jainong Dangdut) merupakan salah satu kesenian di daerah Rancah, kesenian ini banyak orang lakukan di waktu acara Syukuran atau Hajatan. Kesenian ini ber-angotakan Nayaga dan juga tentunya Sinden atau Artis. |
||
|
WAYANG GOLEK/SINDEN
Sebagaimana alur cerita pewayangan umumnya, dalam pertunjukan wayang golek juga biasanya memiliki lakon-lakon baik galur maupun carangan yang bersumber dari cerita Ramayana dan Mahabarata dengan menggunakan bahasa Sunda dengan iringan gamelan Sunda (salendro), yang terdiri atas dua buah saron, sebuah peking, sebuah selentem, satu perangkat boning, satu perangkat boning rincik, satu perangkat kenong, sepasang gong (kempul dan goong), ditambah dengan seperangkat kendang (sebuah kendang Indung dan tiga buah kulanter), gambang dan rebab. |






Pupuh Kinanti tentang lembur kuring
“Jangalaharja”
Dina suku Gunung Sangkur
Tah didinya desa leutik
katelah Jangalaharja
desa leutik tapi resik
wengkon kacamatan Rancah
di kabupaten Ciamis
desa warisan karuhun
titinggal ti nini aki
kuurang kudu dirumat
tur apik dipusti-pusti
sangkan manjang manfaatna
raharja lahir jeung batin
(pengarang Bp.Mahmud Muhyidin, guru SD Jangalaharja)
duuuh…mani nyentuh eta pupuh teh, sanaos abdi sanes urang jangalaharja.Memang sakedahna lembur teh dirumat.
“Jangalaharja”, emhh jadi emut ka Al-Marhum pun Bapa, sanaos Jangalaharja teh tebih ti karanganyar teh, tapi ari piwarang Da’wah mah sok sumanget sanaos wengi-wengi.
mangga linggih ka blog abdi..^^
http://chapurple.wordpress.com/2009/08/19/rancah-jangalaharja-sepanjang-itu-aku-bersabar/
Abdi oge kantos di pangdamelkeun puisi basa sunda ku pun bapa ( pak mahmud muhyiddin ) tapi kahapus dina friendster.
@ Cha : cha, suruh bapak bikin cerpen basa sunda ato artikel geura, tar kita posting ke sini.
@ k’ endoy : kaleresan tuang rama ( K.H Lukman alm teh sobat pun bapak pisan ) ;p
hatur salam wae ka para wargi sadayana nu aya di Jangalaharja.Sok sanaon abdi tos lami henteu ka eta lembur,hate abdi moal tiasa dipisahkeun sareng desa jangalaharja teh.pokokna mah SUKSES KANGGO DESA JANGALAHARTA. hatur salam oge ka Bapa Mahmud.M. sae pisan puisina ti pribados… putra jangaharja.
Neng Imas, Neng Ersa…anu bageur anu geulis…
Sok Neng Imas, atanapi Chaca upami mulang ka lembur taroskeun ka Pak Lurah Dayat data-data desa Jangalaharja tea anu jadi tanah karuhun urang; kayaning lega area, jumlah penduduk, potensi desa, jsb… teras diupload (lengkepan) tah di Wikipedia supaya desa urang rada katangar ku balarea, da kumaha geuning Mamang mah rada jauh ngumbara teh di luar pulau, hese mulang euweuh waragad…Molongpong pisan pan informasi desa urang teh di Wikipedia. Sareng upami tiasa mah dihias tah ku photo-photo pakakas (parabot) kahirupan kolot-kolot urang baheula. Meupeung can punah pisan.
Dupi Aki Suhapi teh masih aya keneh hente Neng Imas..? Upami aya photoan ku Eneng waktos Aki Suhapi ngadamel; buyung tambaga, ketel, aseupan, seeng, tetenong, tingkem, telebug, tampir, nyiru, hihid, boboko, ceceting, ayakan, cireung, sair, anco, jsb…. tah upami lengkep mah ke Mamang ngadamel website, mung kedah lengkep sanes parabot dapur wungkul tapi sareng pakakas tatanen oge; garok, caplak, etem, wuluku, singkal, sareng sawed-sawedna atuh anu lianna sabangsaning; pikatan titiran, joget, korang, buwu, porog, garungsang, jrrd…
Pokokna mah usahakeun salengkep mungkin, ancak, sosog, songsong, jeung photo hawuna mun tiasa mah. Ke ku mamang dilengkepan spesifikasi jeung fungsina mah mun lengkep pisan mah malah Mamang aya maksad rek ngabukukeun pikeun wariskeuneun ka anak incu… Taroskeun we ka tuang rama Pa Mahmud… nu disebat di luhur mah mung sabagian kecil. Masih seu’eur keneh parabot nu ampir punah. Pikeun nu hajatan oge tos gentos ku plastis pan, walangsang, besek…. tukang nyarieunan gula beureum oge loba pisan pabotna teh: lodong, kolanting, simpay, paninggur, cetakan gulana, katel gede, pangarihna, jrrd…. sok lengkepan photo-photona Insya Allah ku mamang dikelompokkeun dibere narasi… rencana dibukukeun…. Add mamang di FB (Wala Kadallah…emailna: garungsang@yahoo.com)
Cag!
Teundeun di handeuleum sieum tunda dihanjuang siang paranti nyokot ninggalkeun…
Sono Mamang ti Borneo….
BAKAL PINASTI
Dulang jero keur kokoro
Palatar rangru humarurung
Cijolang sa’at geus puguh masakat
Sawah leutik jiga tas kabetrik
Awi lempong kosong molongpong
Kadupugur bati muguran
Kidongke ongkek-ongkekan
Cikayumas terus inghak-inghakan
Manggung bingung humaregung
babakan burakrakkan
Dogdog ngan ukur bisa ngajedog
Tari kolot beuki ngorotan
Cisempu oge teu weleh ngarahuh
Ayeuna pupuhuna tempat nya;
GUNUNG SANGKUR keur nafakur
Ceurik balilihan…..
Atina kasebit, hatena kasebat
Gudawang raheut kabina-bina…
Ayeuna geus euweuh anak-incu Kaula
nu pirajeunan ngarumat Kaula saparakanca
Leuweung rembet teu dirawat teu piara
kalapetong, baralak, pepeletan, pasulangkrah
Mun aya kahayangna tatangkalan dituaran sangenahna
Mahoni, jati, albi, awi, kalapa, kihiang beak dibukbak
Kaula sadar geus kasilih ku zaman
Kaula geus teu boga daya tarik
kasilih ku PS, kasilih ku Facebook
kasilih ku itu, kasilih ku ieu
tapi dagoan wawales Kami
Nu ku andika dibukbak dituaran teh geutih kami
Nu sabenerna pikeun kahirupan andika sorangan
Na Uzhu Billah….
Anjeun ulah murka,
Kuring tangtu salilana harima’at ku anjeun….
Sing gede panghampura
Sing gumati ka anak-incu
Banjarbaru, 10/02/2010
Mamang IW
Alhamdulillah raresep teuing geuningan pateupang sareng dulur salembur, Haturan Salam Silaturahim atuh ti Jajaka Kampung Cisema anu nuju ngumbara,, Mudah-mudahan tiasa patepang
Hatur Nuhun
KIDUNG PANGRAJAH
Neda agung nya paralun
ka batara ka batari
ka batara neda suka
ka batari neda widi
agungna kanu kawasa
mugi di jaring ku gusti
karuhun mangka ngariung
nini aki jadi saksi
uteuk tongo walang togo
sakabeh taluk ka kuring
kabeh pada nyaraksian
kana ucap kuring tadi……
nepangkeun abdi rtian urang cisontrol……maju terus kota rancah betah,mandiri jadi ngamukti.